Selasa, 12 Februari 2013

0 Facebook Basa Sunda


facebook basa sunda

Ngarobah Facebook kana basa Sunda | Mengganti bahasa pada Facebook menjadi bahasa Sunda


Facebook Sunda é a função javascript alterar o idioma no Facebook tornou uma língua Sundanese | Facebook Зондского является наличие функции изменения языка на Facebook стала Суданский язык | Facebook सुण्डा जावास्क्रिप्ट समारोह Facebook पर भाषा बदल एक सुंडानी भाषा है

binih basa Sunda pikeun Facebook nu dipelak dina greasemonkey... haturan kanggo nu cinta jeung reueus ka basa Sunda

Parabot Urang Sunda - sundanese software
Facebook Sunda teh nyaeta aplikasi pikeun ngarobah pidangan basa di situs facebook.com, kana basa Sunda. Kode Facebook Sunda ditulis ku basa program javascript anu dijalankeun salaku pangeuyeub atawa ekstensi dina browser. Sanajan ukur parabot uduh basajan jeung rea keneh kahengker, nepi ka kiwari ieu aplikasi basa sunda teh geus dipasangkeun leuwih ti 23.000 kali.
Pamekar - developer
Aplikasi Facebook Sunda mimiti dipedalkeun ku Sukma Gemala dina taun 2010. Bubuhan modalna saukur reueus jeung cinta sarta pamekarna lain coder atawa programmer, ieu parabot uduh teh kaasup ieu blogdikokolakeun sakainget. Hasilna, nyanggakeun sadaya-daya.
Gambarna - screenshot
Tah ieu gambar conto hasil kacaloka facebook.com nu dirobah jadi basa Sunda.

Kaca Bubuka Facebook SundaProfil Facebook SundaTepas Facebook Sunda
klik pikeun ningali gambar badagna
Masangkeun - installing
Skrip Facebook Sunda bisa dijalankeun dina rupa-rupa panyungsi loka.
Mozilla Firefox | Google Chrome | Microsoft IE | Opera | Safari
Mangga teraskeun kana artikel nu patali sareng cara Nyundakeun Facebook.
Jujutan - changelog
Jujutan teh nyaeta catetan riwayat parobahan atawa pamutahiran kode, entri kecap, jeung pidangan Facebook Basa Sunda ti mangsa ka mangsa. Salengkepna mangga tingali Jujutan Facebook Basa Sunda
Rojongan - support
Lamun anjeun aya karep pikeun mantuan nambahan kandaga kecap Facebook Sunda atawa mantuan ngaropea kodena, mangga diantos pisan. Moal dibayar! Tapi ngaran jeung tumbuloka anjeun bakal kacatet dina kacaloka Facebook Sunda di userscripts.org jeung di dieu :) hayu pacantel...
Pacantel - get connected
kintun serat ka sarwasunda@gmx.com
Implengan - what's next
Ka hareupna, kuring hayang nyobaan oge ngarobah aksarana. Hah, hey! Aya Facebook dina Aksara Sunda! Anjeun oge bisa! Hayu make basa Sunda jeung piara aksara Sunda! Hayu nyundakeun dunya!

Tidak ada komentar:

Jangan Lupa Berikan Comentarmu

JANGAN LUPA comen disini