
Saha nu teu wanoh ka Google? Mun teu apal ka Google dina basa Sunda, kacida pisan!
Google Basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta pamaluruh (mesin kotektak, mesin pencari, Google Search) yasana Google Inc. nu midang dina basa Sunda. Nyundakeun Goggle memang acan daria, lantaran ukur ngandelkeun balarea nu sukarela dina narjamahkeunna (tingali: nu ngilu narjamahkeun google kana basa sunda ). Hoyong nyobian?
Ngarobah basa Google Jadi Basa Sunda
Saupama anjeun hayang sangkan basa Sunda jadi basa maneuh (baku, default) pikeun Pamaluruh Google, anjeun bisa ngarobah panataan basana tina setelan atawa preferensi (preference).
Ieu alamat loka google search dina basa Sunda:
www.google.com/webhp?hl=su
atawa
http://www.google.com/intl/su/
Google Inc. mangrupa hiji pausahaan publik nu puseurna di Mountain View, California, Amerika Serikat. Diadegkeun ku Larry Page jeung Sergey Brin nalika arinyana masih jadi mahasiswa di Universitas Stanford, 4 September 1998.
Google ngamimitian bisnisna di widang pamaluruhan di internet (mesin kotektak, mesin pencari, search engine) jeung iklan online.
Ku lantaran mesin kotektakna, google dipikawanoh ku balarea jeung mampuh nyaingan pausahaan sejen kayaning Yahoo! jeung Live Search nu widang bisnisna sarupa.
Produk Google
Salian ti Google Search, masih rea keneh produk Google liana diantarana:
| Google Mail atawa Gmail nu ngalayanan pamake pikeun nyieun akun serelek (serat elektronik). Google nyagikeun leuwih ti 7,5 gigabit rohang-data haratis pikeun unggal pamake. | |
| Inbox Gmail | pribadi | |
| Google Maps atawa Peta Google, nyaeta aplikasi peta interaktif sakuliah planet bumi nu disayagikeun tina hasil tilikan satelit jeung sistem fotografi udara. | |
| Tangkuban Parahu, Bandung-Jawa Barat poto satelit Google Maps | online | |
| Android, nyaeta platform parabot uduh (sopwer, perangkat lunak, software) jeung sistem operasi pikeun pakakas gerak. Dina bulan September 2008, T-Mobile ngaluarkeun telepon keupeul (henpon, ponsel, handphone) munggaran nu dijalankeun dina platforma Android, nyaeta G-1. | |
| Android 2.3 Gingerbread | Wikipedia | |
| Google Earth, pungsina pikeun ningali peta alam dunya dina wangun globe virtual 3D (tilu dimensi). | |
| Monumen Nasional (monas), Jakarta aplikasi Google Earth | Wikipedia | |
| Google Chrome, nyaeta panyungsi loka (peramban, browser), proyek sumber kabuka nu dimekarkeun ku Google kalayan ngaran proyek Chromium. Kiwari kapopuleran Chrome geus satata jeung Firefox ti Mozilla. | |
| Google Chrome OS 0.12.433.38 | wikipedia | |
| Chrome Web Store, nyaeta toko online nu nyayagikeun aplikasi web pikeun Google Chrome. | |
| Facebook Basa Sunda di Chrome Web Store | |
| Google+ atawa Google Pleus (Google Plus) teh jejaring sosial nu kakara diujicobakeun 28 Juni 2011. Proyek Google+ teh mangrupa tarekah Google pikeun nandingan Facebook, nu kiwari dina taun 2011, geus bogaeun leuwih ti 750 juta urang pamake. Google+ dina danget ieu masih acan bisa dipake ku balarea, tapi ukur ku sababraha urang nu nampa pangulem husus ti Google. | |
| Google+ dina Basa Sunda Google Plus in Sundanese. |





Tidak ada komentar:
Jangan Lupa Berikan Comentarmu
JANGAN LUPA comen disini